"Males"
a. Exposisi :
1. Syahrita
2. Syarinem
3. Ajeng
4. Bulan
5. Opy
6. Bu H. Ina
b. Konflik=> Syarita jeung Syarinem teu ngaji geus 1 bulan
c. Komplikasi=> Syahrita jeung Syarinem diajak ngaji ku Bulan jeung Ajeng tapi teu daekkeun
d. Klimaks=> Bu H. Ina geus nyahoeun Syahrita jeung Syarinem geus 1 bulan teu ngaji wae
e. Antiklimaks=> Bu H. Ina mere pelajaran ka Syahrita jeung Syarinem titah mersihan mesjid jeung halamannana
f. Konklusi=> Syahrita jeung Syarinem sadar sarta kapokeung.
g. Kasang
- tempat
=> di jalan sarta di masjid
- wayah/ruang
=> beurang
Dina hiji lembur dicaritakeun 2 budak kembar anu balaga tur males. Ngarana Syahrita jeung Syarinem manehna teh budak Kapala Desa. Ku indung bapana dimanja pisan.
Dina hiji poe si Syahrita jeung Syarinem keur leumpang karek balik balanja.
Syahrita : ehh nem,
urang mah can puas euy balanjana!
Syarinem : aehh, ai
maneh. Heeh ketang sarua urang ge! Haha
Syahrita : aduhh dasar
si inem! Geus lah isuk urang balanja deui!
Syarinem : hayuu sipp
lah.
Ita jeung Inem, nempo
Bulan jeung Ajeng rek ngaji.
Ajeng : Ita, Inem..!
hayu urang ngaji!
Bulan : nyaa hayu,
bareng jeung kita yeuh!
Syahrita : naon atuh
maraneh teh, kenal kitu ka urang? Ngajak ngaji deui.
Bulan : Astagfirulloh,
apan maneh teh babaturan kuring.
Ajeng : enya, maneh
poho atawa geger otak maraneh teh?
Syarinem : ihh sorry
nya, urang mah teu boga babaturan jiga maneh. Kampungan kitu! Huhu
Syahrita : hah, bener
pisan nem! Urang satujuu.
Ajeng : Ya Alloh, Ya
Rohman, Ya Rohim, Ya Malik, Ya..ya..ya naon nya euy poho deui.
Bulan : aehh aeh ari
anjeun malah nyebut si maul jeung si inah. Geus geura ari poho deui mah tong
disebutkeun, ngerakeun manehna!
Ajeng : maneh anu
ngerakeun, gelo maneh mah! Lain si maul jeung si inah, tapi Asmaul Husnah. Doraka
siah!
Bulan : ehh heeh heeh.
Haha
Syahrita : aitsss naha
malah ribut kieu, geus lah repeh hariwang!
Teu lila si Opy torojol
datang, manehna anu sarua rek ngaji.
Opy : naha geuning
kalah ngararumpi kieu, hayu tuh Bu Haji geus molotot.
Syarinem : jiggg we!
Urang mah arek sare. Cape yeuh geus balanja. Yuu ta!
Ita jeung Inem ngaleos
balik ka imahna.
Di pangajian.
Bu Ina :
Assalamu’alaikum
Barudak :
Wa’alaikumsalam
Bu Ina : Dinten ayeuna
saha anu teu hadir barudak?
Opy : Ita sarengInem
bu!
Bu Ina : eta budak tos
saminggu alfa wae, enjing piwarang ka bumi ibunya!
Barudak : muhun bu.
Isukna Ita jeung Inem
ka imah Bu H. Ina.
Syarinem jeung
Syahrita : Assalamu’alaikum
Bu Ina :
Wa’alaikumsalam
Syahrita : Aya naon
nya bu?
Bu Ina : ari aranjeun
teh kamana hungkul tos 1 bulan teu ngaos -
ngaos?
Syahrita : emm, males
tu da bu. Mending balanja. (bari teu nyadar) Syarinem nyiwit Syahrita tarik
pisan!
Syahrita : Awwww..!
Bu Ina : kunaon ita?
Syahrita : hehe henteu
bu.
Bu Ina : geus ayeuna
mah tuh bersihkeun masjid sing bersih jeung halamanana!
Ita jeung Inem indit
ka mesjid.
Sawatara manehna keur
mersihkeun masjid, datang Ajeng, Opy
jeung Bulan.
Opy : hahaaa, rasakeun
tah.
Ajeng : Matakna diajak
ngaji teh sing daek!
Bulan : nya nyaa eh,
cape? wayahna! Wkwk
Opy : yukk ahh
barudak!
Syahrita jeung
Syarinem ngan cicing bae da eraeun ku kalakuan manehna sorangan.
Pesan "JANGAN MENOLAK AJAKAN ORANG, JIKA AJAKAN ITU DIJALAN KEBENARAN"

Tidak ada komentar:
Posting Komentar